MASKER – fbs
Pakailah masker dengan bijak.

CIMAHI, akwnulis. Poè ka opat bulan romadon, geuningan kudu ngilu gempungan di kantor. Padahal geus puguh aya panyarèk ti pamarèntah pikeun ngajedog berjamaah di imah.
Tapi geuning, keur pagawè nagri mah aya pasal, ‘lamun di butuhkeun, bisa dipanggil sawaktu-waktu‘. Jadi dina jam gawè, sanajan di imah bari meuweuh ku tugas jeung gempungan onlèn makè aplikasi ‘zum’, ogè kudu rancingeus mun di panggil atawa di titah ngadadak ku dunungan.
Gura giru muru ka kantor, pas tepi langsung asup lift muru ka lantey 12, tempat gempungan.
Rohangan rapat geus di sèt, korsi paanggang 2 mèteran, jandèla dibarukaan, kaambeu bau taeun, èh disinfèktan.
Gempungan mimitina mah lancar, ngan nincak menit ka 20, Haji Uton ngalenggerek bari kawas nu eungap. “Astagfiruloooooh..” kabèh paburisat lalumpatan, lain nulungan.
Langsung kontak ka petugas kesèhatan, teu kudu lila, datang nu marakè APD, nulungan nu kapiuhan, biur ka IGD rumah sakit.
Gempungan bubar, kabèh hariwang, sieun kumaonam.
Sajam ti harita, aya bèja. Haji Uton lain kasarad korona, tapi kapiuhan ku panyakit sèjèn nyaeta virus basusa (bau sungut puasa) kakekeb masker, cag. (AKW).
***
Catatan :
fbs : Fiksimini basa sunda, tulisan fiksi singkat dalam bahasa sunda, maksimal 150 kata.